Senin, 28 Juli 2014

tugas basa cunda carpon


TUGAS CARPON BAHASA SUNDA




 
Dipidamel ku:
X Matematika Sains 3
Rostika Nurlaela Nova Maya Sofa


TUGAS NU MAEHAN SIMKURING
Geus biasa unggal peuting kuring ngapalkeun jeung ngerjakeun tugas ti Sakola nu mangrupa kawajiban kuring jadi siswa SPG nu singkatan tina Sekolah Perguruan Guru. Kuring ti leutik keneh hayang pisan jadi guru. Teuing aya naon tina guru teh tapi mudah-mudahan we atuh kuring bisa jadi guru. Aamiin, tapi teu diomongkeun oge nya katempo pisan tina ngaran sakolana oge kuring teh hayang pisan jadi guru.
            Saacanna kuring rek nyarita, kenalkeun ngaran kuring Tono. Kuring boga indung jeung bapa ngarana mamah Yayat jeung bapa Ayat. Unggal poe mang Eman sok bebersih ngabantuan indung jeung bapa di hereupeun imah, dibantuan ku budakna Juned, jadi di imah teh teu rarehe teuing pas indung bapa kuring damel di Pabrik.
            Hiji poe kuring sibuk pisan, tapi teu sasibuk indung jeung bapa damel di Pabrik. Kuring boga tugas leuwih ti 5 pelajaran. Atuh kuring teh langsung ngerjakeun tugasna nu mangrupa kawajiban kuring tea. Ti mimiti pelajaran matematika, basa indonesia, fisika, sejarah, biologi, ah jeung nu sajabana we pokona mah. Kulantaran poe isukna kuring teh bakal diajar matematika, fisika, jeung sejarah di Sakola, kuring ngautamakeun ngerjakeun tugas tilu pelajaran eta.
            Bismillah, ngerjakeun tugas dimimitian peuting harita. Saperti biasa ngerjakeun tugasna pas geus solat magrib. Langsung we ngampar di tengah imah mawa kabeh buku, gek diuk dihareupeun tipi, muka buku matematika terus mawa patlot keur ngotretna. Kedeker we kuring teh harita sorangan ngerjakeun tugas bari sakali-kali nonton tipi supaya teu jenuh da bapa jeung mamah mah gening damel. Manglila-lila kuring ngerjakeun tugas bari sakali-kali nonton oge tapi hasilna alhamdulillah beres. Atuh tutup weh buku matematika mah. Atuh tugas anu kaduana kuring langsung ngaanggeuskeun tugas fisika. Kulantaran kuring resep fisika jadi weh ngerjakeun teh asa teu lila tapi pas nempo jam mah hate teh ngarenjag sabab geus jam sabelasan. Teu karasa pisan ngerjakeun tugas teh geus tengah peuting deui.
            Nya ari biasana mah kuring jam sakitu teh geus kamana deui meureun biasa gening ngajelajah di pulau kapuk, tapi tugas sejarah can anggeus nya wayahna we kuring teh nyita waktu sare kuring poe eta. Panon teh meureun geus lima wat mah tapi da kumaha. Kuring maksakeun maca buku sejarah asa inget teu inget ngerjakeun tugasna oge bari gogoleran. Tipi oge masih hurung dina cenel warta.
“trok...trok...trokk...” sora panto ti luar. Hate jol ngarenjag, teu percaya wayah kieu bet aya nu keketrok ti luar sakitu geus tengah peuting. Diantepkeun we ku kuring harita bari langsung neruskan ngerjakeun tugas sejarah. “ trok...trok...trok...” sora anu keketrok deui ti hareupeun imah. Bari ngawani-wani sorangan harita kuring langsung ngorepat ka panto hareup. Saacanna panto dibuka, kuring ngalamun heula naha bisa aya tamu tengah peuting kieu. Kuring noong heula mastikeun tina jandela bari mukakeun hordeng saeutik. Katempo ti jero teh di luar aya mahluk nu make baju serba hideung da kapoekan. Atuh hate kuring teh rancug geumpeur sieun teu puguh rarasaan harita, dek dibuka sieun tapi lamun teu dibuka bisi tamu bapa nu peuting-peuting datang kadieu sabab bapa kuring oge ngajabat jadi pupuhu RT.
 Ah, pokona mah jadi bingung tah pas didinya teh sabab kuring mah lalaki oge tapi kompodan. Bulak balik bingung, da lamun dibukakeun pantona sieun jelema anu dek nyilakakeun kuring da apaleun unggal poe kuring sok sorangan di imah. Aduh, kuring geus kaditu kadieu teu puguh rasa tapi lila kalilaan kuring ngawanikeun sorangan we bari ngompod oge peuting harita teh. “cekrekkk..” sora konci panto diputerkeun. Gagang panto diteken lalaunan bari dikenyang saeutik-saeutik. Nololkeun hulu heula kaluar bari asa was-was. Pas ditempo teh diluar euweuh sasaha.
Harita hate kuring langsung ratug teu puguh, sieun pisan. Kuring harita langsung mikir nu negatip, panto langsung dipangpengkeun langsung lumpat ka kamar bari teu inget panto geus dikoncikeun atawa henteuna. Kuring langsung buburanyat lumpat ka kamar dikurubun ku simut bakatning ku sieun. Terus-terusan istigfar bari ngaderegdeg geumpeur. Pamikiran kuring ngalayang teu puguh. Kadenge deui aya sora keketrok ti luar . Bulu punduk langsung muringkak, sieun pisan. Kuring nganiatkeun sorangan rek muka panto tapi raga kuring teu satujueun alias meureun kuring teh kabina-bina sieunna. Geus sabaraha kali mah meureun eta mahluk keketrok di luar tapi ku kuring pantona teu dibuka-buka sabab sieun. Sakali ngadangu keketrok ti luar, sakali oge kuring ngarenjag reuwas bari teu puguh rarasaan. Tapi teuing teh boseneun meureun nu keketrok teh jol euweuh ngaleungit teu kadenge deui sora nu keketrok. Ti dinya mah hate teh mimiti rineh deui, bari mukakeun simut lalaunan.
Kuring nyoba ngawanikeun ngabuka panon lalaunan bari nyanghareup ka panto kamar. Pas nempo saeutik-saeutik kuring nempo aya jelema remeng-remeng dina lawang panto duaan. Harita kuring ngarenjag bari langsung peureum deui supaya teu nempo mahluk nu aneh dihareupeun panto kamar. Pikiran jol ngalayang kana lamunan nyadarkeun kuring yen tadi pas lumpat ka kamar teh panto imah nu hareup teh can dikoncikeun tapi teuing ketang. Tapi dina pikiran kuring harita meureun eta nu duaan teh indung jeung bapa kuring nu karek mulang ti gawena di Pabrik.
Kulantaran rada atoh dina ngalamun, teu nyadar panon langsung nempo ka hereupeun panto kamar ngeun pas nempo teh mahluk nu dua tadi geus euweuh tapi katempo keneh ngaleos jiga ka dapur. Kuring nyoba ngawanikeun sorangan nuturkeun di tukangeunna lalaunan bari kompod oge. Kuring nutur-nutur ti tukang mastikeun eta mahluk jeung asa teu puguh rarasaan bari rada remeng-remeng deuih. Pas kuring nuturkeun ti tukangeunna manehna ka ciri rek ngalieuk ka tukang , kusabab kuring sieun katempoeun nuturkeun manehna kuring langsung nyumput di tukangeun panto.
Lila kalilaan kuring nololkeun deui ti tukangeun panto. Langsung neangan manehannana tapi teu kapangih wae. Kuring neangan kaditu kadieu teu mangihan hiji jejak manehna. Kuring neangan manehna ti mimiti ka ruang tengah imah, ruang tamu, dapur, nepi ka kukurilingan ngurilingan imah euweuh pisan ciri yen aya jelema asup ka imah kuring. Kuring langsung ngacek konci panto hareup tapi gening geus dikonci. Jadi beuki aneh tah peuting harita. Kuring loba ngahuleng mikiran saha nu tadi ka imah kuring. Naha bener kitu indung jeung bapa kuring ? atawa saha? Pas kuring rek balik ka kamar, kuring langsung ngarenjag mahluk nu tadi aya dihareupeun kuring. Kuring langsung peureum bari nyoba nenangkeun hate naha napas.
Teu puguh pisan kuring kudu kumaha. Kuring lalauan ngalengkah ka sisi langsung lumpat niat ka tengah imah ngeun pikiran jol nyadar harita kaayaan poek jeung asa tiris pas beunta kuring teh jol aya di tukangeun imah deukeut kebon awi.

 diantos krisarna nyaa :)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar