Babalik Pikir
Di hiji pagunungan nu jauh ti dayeuh,
nyaeta di Desa Cikawari. Aya hiji kulawarga anu pageweannana jadi tani. Tukang
tani eta teh boga hiji-hijina budak nyaeta Emed. Ku sabab Emed hiji-hijina
budak nu aya keneh, Emed sok diogo ku indung na. Sabalikna bapana Emed mah sok
ngabengisan Emed tapi ngan ukur ku omongan.
(Kongkorongok.. Kongkorongok..)
Indung Emed : “Ieuh, ieuh geura hudang! Geus beurang. Tah
dengekeun hayam geus kongkorongok” (ngageuingkeun
salakina)
Bapa Emed : “Eeehh.. Naon geus beurang ieu teh? (bari nguliat)
Ari Emed geus hudang?”
Ari Emed geus hudang?”
Indung Emed : “Ih, iraha teuing Emed hudang rebun-rebun,
najan panonpoe geus moncorong oge, ari teu di guyah-guyah mah budak eta teh
tara buru-buru hudang”
Bapa Emed : “Sok atuh hudangkeun budak teh! Rek diajak
ka sawah. Sina diajar ngaseuk kacang!” (bari
ngaleos ka cai)
(Indung Emed asup ka pangkeng)
Indung
Emed : “Emed! Emed! Hudang! Geus
beurang!”
Emed : “...”
Indung
Emed : “Emed! Emed! Hudang! Geus
beurang!”
Emed : “...”
Indung Emed : “Ih, na aya budak teh meni kebluk-kebluk
teuing nya? (bari ngaguyah-guyah) Emed! Emed! Hudang! Geus beurang!”
Emed : “Eh, aya Ema gening..” (bari morongkol deui tuluy ngarimbunan sorangan ku simbut)
Indung Emed : “Ih, nyaan nya budak teh mani kebluk-kebluk
teuing! Ieuh burukeun hudang! Itu bapa ngajak ka sawah!”
(Emed
morongkol deui bae, teu lila bapana nyampeurkeun)
Pa Emed : “Geus hudang acan budak teh, Ema?”
Indung Emed : “Tacan nyeta, puguh nyaeta diguyah-guyahkeun
teh kalah beuki morongkol bae”
(Emed
api-api nyegrek sangkan bapana kacida keuheuleunnana)
Pa Emed : “Ieuh buru-buru hudang!” (bari ngabetot simbut Emed tuluy dialungkeun kana sasampayan)
Emed : “Euh.. ah, tunduh keneh ieu teh pa, jeung tiris deuih!”
(bari nguliat hudang, tuluy diuk bari
manyun)
Pa Emed : “Hayu urang ka sawah, bantuan bapa ngaseuk kacang!”
Emed : “Ah,.. Bapa mah, ngaseuk kacang oge mani kudu dibantuan
ku budak” (bari dusdis)
Pa Emed : “Hih.. Apan ameh tereh anggeus”
Emed : “Naha mani kudu isuk-isuk teuing, Pa?”
Pa Emed : “Ngarah iuh keneh ari isuk-isuk keneh mah, teu babari cape
deuih”
Emed : “Ah, Emed mah engke we ari geu beurang kadituna oge
ambeh teu tiris teuing” (bari ngagoledag
deui kana angel)
Pa Emed : “Astaga.. (bari semu
keuheul) Kalah sare deui!”
Indung Emed : “Keun atuh Pa, ulah dipaksa teuing ari
embungeun mah. Engke ari geus beurang mah rek dijurungkeun bae ka sawah
sakalian bari sina nganteuran”
Pa Emed : “Euhh, atuh komo dipangmeunangkeun! Budak teh saumur-umur
oge moal aya kadaek kitu mah”
Indung Emed : “Wah maenya? Sugan we ari geus gede mah boga
pikiran sorangan atuh, Pa”
Pa Emed : “Nya kudu sagede kumaha rek diajar gawe na teh? Sakitu geus
gede kitu”
Indung Emed : ”Ihh,.. Ari salira kumaha tah kapungkurna?”
Pa Emed : “Keun we lah moal dipangmeulikeun papakean lebaran!”(Ngaleos bari gegelendeng)
Sanggeus rengse nyangu, Indung Emed
ngawadahan sanguna keur nganteuran Pa Emed diwadahan kana boboko ditumpangan ku
deungeunna.
Indung Emed : “Emed... Emed...! Geura anteuran yeuh bapa
teh, sanguna geus sadia. Buru indit yeuh anteurkeun meungpeung haneut keneh”
Emed : “...”
Indung Emed : “Ih, nya kamana cenah nya budak teh! Kieu we
geura moal dibere sangu tah, ari emung dititah mah!”
Emed : “Hoyah! Ema. Ieu da kuring mah!” (norojol bari sambutut)
Indung Emed : “Ah, budak teh nyaan nya! Biasa da ari geus
ka goah teh, engke bapa ngambek geura. Heug eta cau teh jualeun deuih!”
Emed : “Tah, eta Ma. Ku sabab kitu tea da bongan sok tara
kabagean”
Indung Emed : “Ah, yeuh! Jug geura buru-buru indit!
Anteuran bapa teh mempeung haneut keneh. Yeuh sanguna!”
Emed : “Ari Emed dipangnimbelkeun teu, Ema?”
Indung Emed : ”Ah, emang kudu dipangnimbelkeun kitu? Atuh
nyoro we ka bapa!”
Emed : “Euhh, nyoro ka bapa? Asa mani geuraheun teuing! Da sok
langsung beak ku bapa bari sok digelendeng deuih!”
Indung Emed : “Heug atuh, ku Ema rek dipangnimbelkeun tapi
kudu tuluy mantuan bapa ngaseuk nya?”
Emed : “Atuh puguh, Ma”
Indung Emed : “(ngaleos
ka dapur, tuluy nimbel) Yeuh ieu
timbel teh! Jug buru geura indit!”
Emed : “Har, Ma. Ari deungun sanguna mana?”
Indung Emed : “Mani nyaan nya budak teh menta we ka bapa
deungunna mah”
Emed : “Ah, da bakal moal dibere ku bapa mah. Sidikan pedit”
Indung Emed : “(ngaleos
deui ka dapur, meuleum peuteuy tuluy dibungkus) Yeuh, jug buru indit!”
Emed : “Ari sambelna mana, Ma? Piraku dahar jeung peuteuy teu
dicoelkeun kana sambel mah”
Indung Emed : “Ah, budak teh mani loba ngomongna. Buru
geura indit! Geus beak sambelna oge. Menta we ka bapa!”
Emed indit ngakeup boboko. Keur
leumpang manehna ngadenge aya nu disada ngahoang di awang-awang. Sing horeng nu
disada teh langlayangan babaturanna anak Tua Kampung.
Emed : “Euleuh-euleuh, langlayangan maneh
eta teh, Nan? Mani alus kitu!”
Junan : “Puguh we alus mah atuh da buatan
dayeuh” (Bari semu atoh)
Emed : “Ari nu disada naonna, Nan?”
Junan : “Petengna”
Emed : ”Cing atuh, Emed hayang nyobaan!”
Junan : “Ah ulah, bisi pegat!”
Emed : ”Piraku kot ulah! Sakeudeung we
atuh Nan! Engke dibere kaleci hiji”
Junan : “Ah, embung hiji mah hayang dua!”
Emed : “Heug, sok we lah dua oge (bari ngecagkeun boboko tuluy mantengkeun langlayangan) Euh, gening
beurat kieu nya!”
Junan : “Ih, puguh we atuh. Komo deui lamun di luhuran mah.
Petengna oge beuki tarik ngahiungna”
Emed : “Cik, urang pecakan nya?”
Junan : “Ah, entong bisi pegat!”
Emed : “Moal, maenya da bola mesin mah tara pegat”
Junan : “Ih, pegat atuh ari diluhuran mah najan bola mesin oge”
Emed : ”Moal atuh, Nan. Urang uluran bae saeutik deui mah nya?
Emed mah panasaran hayang ngadenge hiungna! Bae lamun leupas mah ku Emed rek
disusul (Bari tuluy diluhuran) Euhhh, enya gening ngahiungna beuki tarik
nya” (bari bolana dikenyed-kenyed)
Junan : “Ah ulah dikenyed-kenyed, bisi pegat!”
(Teu
lila... bolana pegat tina lebah leungeuna pisan)
Junan : “Tah, ceuk urang oge naon! Ulah diluhuran bisi pegat!
Ari geus kitu kumaha? (bari rek ceurik)
“Jug geura susul Emed sing beunang! Mun
teu beunang rek dibejakeun ka Bapa!”
Emed : (ngabelenyeng
lumpat ningalkeun Junan jeung bobokona)
Di sawah, Pa Emed tereh anggeus
ngaseukna. Biasana samemeh anggeus oge ngaseukna Pa Emed teh geus dianteuran ku
pamajikanna atawa ku Emed, tapi ayeuna geus tengah poe Emed can nganteuran
keneh wae. Ku bakat keuheuleunna, Pa Emed tuluy buru-buru balik ka lemburna.
Jol ngagantawang nyarekan pamajikanna.
Pa Emed : “Naha jam sakieu kuring can dianteuran? Naon rek
ngantepkeun kuring nepi ka ngajoprak di kotakan?”
Indung Emed : “(Ngahuleng
sakeudeung) Har, naha apan ti tatadi
oge geus dianteuran?”
Pa Emed : “Ah, lamun geus dianteuran mah kuring oge moal balik wayah
kieu atuh!”
Indung Emed : “Har, ampun nya budak teh, na terus kamana
jug na atuh budak teh? (bari ngagaroan
pingping bakat ning ku keuheul)
Pa Emed : “Tah kitu ari budak diogo teh! Saterusna liwar we jeung
liwar”
Indung Emed : “Sigana mah tuluy ulin tah budak teh”
Bapa Junan : “Pa Emed! Kamana budak teh losna?”
Pa Emed : “Sidik, Pa. Duka kamana budak teh ayeuna los na. Da inditna
teh tadi ti imah mah dititah nganteuran ka sawah, tapi ka sawah teu datang di
lembur oge euweuh”
Indung Emed : “Aya naon kitu, Pa?”
Bapa Junan : “Puguh budak teh geus ngaleupaskeun
langlayanganna Junan. Lamun langlayanganna teu beunang deui, kula mah rek menta
ganti rugi”
(Ambu
jeung Pa Emed ngahuleng beuki ambek ka budakna)
Pa Emed : “Nya ari kudu-kudu teuing mah engke rek digantian tapi lamun
geus datang budak”
Indung Emed : “Ujang Junan, ari boboko na ditunda dimana
ku Emed teh?”
Junan : “Itu ditegal, tonggoheun jalan”
Indung Emed : “Astagfirullah!”(gancang ngaleos rek neang boboko)
Beurang kaganti ku peuting,
Emed can balik keneh.
Indung Emed : “Manggihan budak teu tadi di jalan?”
Nu ngaliwat : “Henteu”
Indung Emed : “Cik atuh teangan budak teh bisi kumaha
onam! Da eta oge budak sorangan”
Pa Emed : “Ah, bae budak kitu mah, antepkeun we!”
Indung Emed : “Atuh keur naon ti baheula dikilitik ti
leuleutik, geuring saeutik diubaran, ari ayeuna geus gede diantepkeun mah” (bari ngambek)
Pa Emed :
“Bongan da budakna teu beunang diurus”
Indung Emed : “Heuh, nya kitu tea (bari keclak cipanon) “Tapi piraku dianteupkeun mah, da nu susahna
mah urang-urang keneh gening”
( Bapa Emed Kapikir omongan pamajikanna,
jol ngaleos neangan budakna)
Emed datang mukakeun panto.
Emed : “Hoyah, Ema kunaon ceurik?”
Indung Emed : “(Atoh
tapi nempokeun jiga nu teu atoh) Emed, nya kamana wae atuh mani
nyiksa-nyiksa teuing ka indung teh! Nya tuluy kamana tadi teh? Boboko di
tingalkeun di tegal atuh eusina oge teuing kamana”
Emed : “Lah, puguh tadi Emed teh pas rek nganteuran ka bapa,
panggih heula jeung Junan nu keur ngapungkeun langlayangan. Tuluy Emed teh
hayang nyobaan langlayanganna. Teu lila bolana ujug-ujug ngajemprung pegat. Ku
Emed gancang disusul tapi ti batan murag mah langlayanganna kalah beuki luhur
bae. Ku kitu na Emed teu wani buru-buru balik da sieun ku bapana Junan nyumput
di kebon jagong batur”
Ema Emed :
“Naha sia teh Emed! Bisana ngan ngahehese hate kolot wae! Sok atuh da maneh teh
geus gede, tong nyusahkeun kolot wae. Ayeuna bapa meneh teh keur neangan maneh,
can balik keneh. Hadeuh Emed, kalakuan teh meuni kacida-kacida teuing”
Emed :
“Ma! Kejo diteundeun dimana? Teu boga deungeun?
Eh geura, dimana kejo teh diteundeunna Ema”
Eh geura, dimana kejo teh diteundeunna Ema”
Ema Emed :
“Astagfirullah ieu budak! Datang-datang ngan kejo we nu diteang. Euweuh, teu
boga kejo keur sia!”
Emed :
“Euh Ema Emed teh teu kuat laparna, ti isuk teu manggih sangu-sangu acan. Teu
karunya ka Emed Ema teh.. Hampura Ema, Emed moal ngarotah deui. Hampura nya..”
Ema Emed :
“Heug atuh tah” (mere kejo)
Sanggeus dahar, si Emed sasapu
Ema Emed :
“Kamana atuh Bapa teh, geus peuting kieu can balik keneh bae”
Bapa Emed :
“Hadeuh..”
Ema Emed :
“Aya naon Pa, (ningal sampean bapana
emed) Kunaon ieu teh, ku naon?”
Bapa Emed :
“Dipacok.. dipacok oray totog.. Hadeuh” (labuh)
Ema Emed :
“Ya Allah! Gusti! Emed! Emed! Geura hudang. Ieu Bapa sia cilaka!”
Emed :
(geura-geura lumpat kaluar imah minta
tulung)
Pa
Lahiam datang
Ema Emed :
“Cing tulungan Bapa, dipacok oray totog saurna mah”
Pa Lahiam :
“Sigana geus ripuh pisan ieu mah, cing menta cai. (ngajampean bari nyembur)
Dagoan weh ayeuna mah ceunah istirahat”
Dagoan weh ayeuna mah ceunah istirahat”
Sadayana
ngan ngaharuleng
Pa Lahiam :
“(nyepeng panangan Bapana Emed) Inalillahi..”
Ema Emed :
“Gusti nu Maha Agung! Geus teu aya Bapa teh Pa”
~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~
Emed
ngan ngarasa periheun samaot bapana ngan sahariteun teu kungsi lila, ayeuna
adatna jadi deui.
Emed :
“Ma menta duit hayang jajan (naprak)
burukeun atuh ma menta duit meuni lila”
Indung Emed : “(mere duit) Atuh pang ngalakeun cai, da
bageur!”
Emed :
“Ke deui ma ah, rek ulin heula, itu babaturan geus nyamper” (sabari lumpat ka luar imah)
Indung Emed : “Eih, eta budak dititah ku kolot teh nya, meuni hararese ai kahayangna
kudu geuwat di tedunan”
Indung Emed : “Aduh susah kie hirup teh jaba boga budak kitu kalakuana kumahanya
hirup eta budaknya gedena, bari euweh nu mangkayakeun deuih, ke keur meuli baju
duit ti mana”
Babaturan :
“Euy, barudak geus maleuli pepetasan can? Tempo yeuh abi geus meuli 2 gepok”
Junan :
“Sabaraha gepok? Tah tempo atuh Junan mah loba, yeuh cecengekan 10 gepok,
cacabean 3 gepok, elangan arpus 5 bungkus,rereokan 2 gulung!”
Babaturan :
“Wah loba kitu Nan, sabarahaeun eta? Pasti mahal nya, Nan?”
Junan : “Pastina, bapa Junan tea atuh tua
desa jadi loba duitna!”
Babaturan : “Ai Emed geus meuli sabaraha gepok?”
Emed : “Can meuli”
Junan :
“Hah, poe ayeuna can meuli? moal lebaran med! Hayu ah urang nyeuneut pepetasan
diditu, didieu mah bisi aya nu leweh pedah teu bogaeun pepetasan” (ngalelewe Emed)
Babaturan : “Hayu... dadah emed” (nuturkeun Junan)
Emed : “Tinggalikeun maneh, urang mah dek
meuli sarebu gepok” (ngajorowok)
Junan : “Jig, bawa kadieu!” (ngajorowok)
Emed balik ka imahna..
Emed :
“Ema, Ema... iraha dek balanja ka dayeuh teh, babaturan Emed mah tos maleuli
keur lebaran”
Indung Emed : “Keun we Med, da lebaran mah
lila keneh!” (Api-api)
Emed :
“Lila kumaha, sakeudeng deui ai Ema, kaburu beakeun atuh, naha Ema yeh moal
pang meulikeun Emed keur lebaran?”
Indung Emed : “Lain kitu Med, mun ayeuna boga duit timana? Keur meuli dahareun ge
hese”
Emed :
“Wah, Ema mah bohong! (Nyentak)
Geuning basa bapa maot ema ngajualan pare sababaraha timbang, jual deui weh
pare eta!”
Indung Emed : “Har, lamun eta di jual, ari keur hakaneun sapopoe mana? Keun wae
atuh taun ayeuna mah heunteu ganti pakean mah, diheunteu-heunte oge da urang
teh keur prihatin”
Emed :
“Jadi kuring teh moal di pangmeulikeun pakean, jeung pepetasan?” (ceurik) atuh
keur naon boga indung oge ari teu rek nyaah ka anak mah, percumah kuring aya di
lembur oge kalakah era ku babaturan di poyokan pedah can boga keur lebaran!”
Ku
sabab Ambu Emed teh nyaah pisan ka si Emed, Ambu Emed tuluy ngaluarkeun pare ti
goah, tuluy di jualan ka tatanggana. Ladangna aya tujuh sapuluh rebu, nya mahi
weh keur meuli pakean si Emed bae mah.
Emed : “Ma, geus beurang hayu ka dayeuh
teh,”
Indung Emed : “Isuk-isuk
geus hudang tara biasana ge”
Emed : “Geuwat Ma, ulah loba lila”
Indung Emed :
“Nya, Hayu”
Emed : “Ma mana duitna ku Emed weh
kantongan”
Indung Emed :
“Ulah, bisi leungit”
Emed :
“Bae atu ma, kali-kali” (tuluy nyakuan
duitna bari di ngagorocok-gorocok, hayang ka puji loba duit)
Emed
jeung indungna neupi ka pasar baru tuluy mapay-mapay ka unggal toko, neangan nu
ngajualan petasan.
Emed : “Ma, naha teu neupi-neupi ieu teh.
Eh Ma itu geuning palebah ditu”
Indung Emed : “Ulah
pinuh, biasana hargana osok di mahalkeun mun pinuh teh”
Emed : “Atuh Ma cape, leumpang wae!”
Indung Emed : “Ke
atuh sabar”
Mang Econ : “Petasan, petasan, petasan.... lelang
petasan! Murah! Murah!
Indung Emed : “Tah,
med didieu mah murah di lelang cenah!”
Mang Econ :
“Ema, kuring mah hayang itu, tuh rereokan nu gulunganana gede!” (nunjuk ka petasan)
Indung Emed : “Sabaraha hargana?”
Mang Econ : “Ah, ieu mah mirah ngan sarebu”
Indung Emed : “Ih geuning mahal Emed! Kudu sarebu mah!”
Emed : “Naha mahal-mahal teuing mang?
Ongkoh lelang”
Mang Econ :
“Wah, heunte mahal atuh jang! Ieu oge tos murah, ka nu sanes mah teu cekap mah
sarebu”
Indung Emed : “Ah embung mahal-mahal teuing mah, mun lima ratus mah daek meuli,
da biasana oge barang lelang mah murah”
Mang Econ : “Teu menang lima ratus mah”
Sabot
rebut tawar jeung nu dagang, jol aya tilu
jalma lalaki jiga nu rek balanja. Nu saurang nangtung gigireun Emed, nu
dua di tukangeun.
Anonimous :
“Babah aya pepetasan rereokan nu panjang pisan?” (leungeuna ngarampaan kantong si Emed.)
Mang Econ : “Euweuh nu panjang pisan mah, ngan
aya nu biasa ba”
Anonimous : “Kajeun ari euweh mah” (bari tuluy ngaleos jeung babaturanana)
Indung Emed :
“Kumaha lima ratus Mang di pasihkeun teu?”
Mang Econ : “Teu meunang!”
Indung Emed :
“Kumaha mun geuneup ratus?”
Mang Econ : “Teu meunang, mun dalapan ratus baru bae”
Emed : “Ah, keun bae dalapan ratus oge Ma,
beuli bae”
Indung Emed : “Nya
sok, meuli sagulung. Pek atuh ka dinya bayar Med!”
Emed
tuluy ngodok sakuna, barang dirampaan ngageubeug duitna beut geus euweuh, aya
nu maling nyaeta ku lalaki nu tadi nangtung gigireunna.
Emed :
“Ema, geuning duit teh euweuh saperak-perak acan, aya nu maling” (bari ngaragapan sakuna)
Indung Emed : “Beu
aya nu maling”
Emed :
“Enya aya nu ngodok, moal salah ieu mah ku jelema nu bieu nangtung di gigireun Emed
tea” (Emed bari ceurik)
Indung Emed : “Beu, nya pohara sia mah, Emed, cek aing oge tadi ulah hayang mawa
duit sorangan, bisi leungit, heug duit ngan sakitu-kituna teh”
Emed : “Da sugan tea moal aya nu ngodok!”
(ngihak ceurik)
Mang Econ :
“Enggeus bae entong ceurik, Jang!, Heuh, ieu kuring mere pepetasan”
(semu nu karunyaeun ka si Emed)
(semu nu karunyaeun ka si Emed)
Indung Emed :
“Nuhun atuh, Mang!” (nampanan pepetasan
sabungkus leutik)
Mang Econ : “Eungke deui kudu ati-ati, Jang! Di dieu
mah loba bangsat kodok”
Indung Emed : “Geus, hayu ayeuna mah urang balik. Keun bae teu ganti papakean
jeung nyeunget pepetasan oge, da bongan euweuh milik, bongan talingeuh, boga
duit sapeser-pesereun sina dibadog bangsat!” (tuluy indit)
Ti
sabarang balik ti dayeuh, emed teu aya pisan kawanina, sakalieun di sampeur
ulin ku babaturanana oge teu daekken, gawena ngan huleng jentul di imah kawas
nu malaweung, malah sok mindeng tuluy nyegruk ceurik teu puguh-puguh.
Babaturan : “Emed.... Emed.... hayu urang ulin”.
Indung emed : “Emed, itu babaturan nyampeur! Ku naon budak teh teu biasana
cicing, biasana ge ngider ngampleng teu
inget waktu..”
Emed teu ngawaler kalakah cicing tuluy
nyegruk cerik teu puguh-puguh.
Indung emed : “ Ku
naon sia teh, Emed? Gawe teh euweuh deui ngan leweh!”
Emed : “Jeun teuing” (nyusutan cipanon)
Indung emed : “ Entong dipake nguluwut, tong di pake nguyung teuing! (ngupahan) wayahna salebaran ieu mah
heunte make, bae heunte nyeungeut pepetasan oge, keun taun hareup urang bisa
meuli papakean, da ayeuna mah urang teh batan sakieu, keur dipaparin prihatin.
Jeung pangna sakieu buktina teh, ongkoh lantaran sia, bongan sagala kalakuan
teh ngan mawa karep sorangan bae, tara nurut ka omongan kolot”
Emed :
“ Wah, ema paribasa teh euweh deui ngan kudu wayahna, bongan sia (sesegruk)
masing wayahna-wayahna oge, era mah era bae, abong deui lebaran teu gableg
nanaon!”
Indung emed : “Ih, ari sia! Najan hayang papakean
weuteuh, hayang sukan-sukan oge, ari euweuh duitna, na naon anu di beulikeun?”
Emed :
“Keun teuing teu di pang meulikeun mah! Kuring mah reh kabur!”
Indung emed : “Jor bae rek kabur mah! Keur
naon sia aya di gogobrog oge, salawasna ngan ngajengkelkeun hate aing!”
(awahing ku keheul) satadina sia dikilitik ti leuletik teh sugan bageur,
ahir-ahir bahula, nyiksa ka kolot! Jor ayeuna mah geura mantog! Montong aya di
gogobrog!”
Saumur
nyunyuhun hulu, kakara harita si Emed di tudung ku indungna biasana mah mun
Emed ngomong-ngomong rek kabur gancang ku Indungna di upahan, sagala kahayangna
di sanggupan.
Sanggeus
gadenge kekecapan indungna kitu, si Emed teu keleked deui ngan gejlik bae turun
ti imah leos indit bari ceurik, teu
puguh nu rek di jugjug, leumpang sakaparan-paran, mapay jalan satapak,
ngaliwatan kebon-kebon jeung pasawahan.
Sajeuronging
leumpang Emed ngomong
Emed :
“ Lamun aing di susul ku indung di titah balik deui ka imah, aing rek ngomong
kieu ‘heug balik deui ka imah, tapi hayang di pangmeulikeun pepetasan jeung
papakean!’ meureun cek indung aing teh ‘heug Emed heug ku ema di pangmeulikeun
petasan jeung pakean, dapon sia balik ka imah,ulah pundung ulah udar-ider! Leuh
teuing aing atohna! Tapi kumaha mun indung Emed geus tegaeun”
Sajeroning
mikir kitu teh Emed leumpangna ngan rundag-randeg bae meusmeus lieuk deui ka
tukang lieuk deui ka tukang, ngalieukan sugan indungna nyusul. Sabot si Emed
keur leweh teu kungsi lila jol aya budak lalaki ngagiringkeun meri sabubuhan
mentas diangon, ngaliwat lebah si Emed.
Jasim : “Ku naon sia teh Med, bet ngadon leweh
di dieu?”
Emed :
“Ditundung... ku.... in... dung.... Emed” (ngomong
pegat-pegat bari ingsrek-ingsrekkan)
Jasim : “Ku naon make ditundung?”
Emed : “....”
Jasim : “Ku naon euy, nu matak silaing
ditundung?”
Emed : “Teuing!”
Jasim :
“Har silaing mah teu puguh ngawajab teh, mana kitu oge meureun silaing boga
dosa, nya! Samborong atuh ditundung oge bari indit deui ngagiringkeun merina”
Emed :
“Sim, ke dagoan sakedeung, euy! (nyamperkeun
jasim)
Cing dewek milu di imah silaing sapeuting mah euy?”
Cing dewek milu di imah silaing sapeuting mah euy?”
Jasim : “Naha make rek milu meuting di
imah dewek?”
Emed : “Nya eta Emed teh lieur, euy, taya tempat
keur pisareuen”
Jasim : “Naha ari di imah silaing?”
Emed :
“Cek Emed oge puguh nya eta Emed teh geus di tundung ku indung (bari ngelengis ngarah dipikarunya) “Ari
pangna ditundung pedah dewek menta pepetasan jeung papakean keur lebaran”
Jasim :
“Euh kitu, nya bae euy, sare si dewek oge, tapi silaing isukan kudu mantuan
ngangon meri, komo mun silaing daek saterusna mah mantuan ngangon meri dewek,
meureun silaing meunang buburuhan keur meuli pepetasan, da dewek oge di
pangmeulikeun soteh pepetasan jeung papakean keur lebaran ku bapa dewek buruhan
ngangon meri”
Emed : “Nya heug bae, ngangon meri mah,
piraku Emed teu bisa”
Jasim : “Heuheh, tapi kitu soteh mun
indung silaing mikeun”
Emed :
“Ah, moal datang teu mikeun, malah rasa Emed mah nya atoheun bae, meureun”
Jasim :
“ Heuheh, atuh ayeuna mah dewek rek sakalian bae nyarita ka indung silaing, ngabejakeun
yen silaing rek cicing di dewek, rek mantuan ngangon meri. Ayeuna silaing kudu
ngangon meri ka imah dewek nya!”
Emed : “Hade..”
Jasim
tuluy ka imah Ambu Emed, mimiti na mah si Jasim ngarasa bungaheun oge dibantuan
ngangon meri ku si Emed teh. Barang geus meunang sawatara poe ngangon merina...
Jasim : “Cing atuh euy, ngangon teh ulah ngan kokodok
jeung ngukuy belut bae, anggur sing talingakeun eta meri angonan silaing, ulah
sina pabarencay ka mana-mana”
Emed : “Atuh bae pabarencay mah, da pada
nareangan kahakanan”
Jasim :
“Ih, geuraheun euy, ari jauh ti urang mah melang, bisi kumaha onam, mun digegel
anjing tea mah moal kanyahoan”
Emed : “Wah, piraku make digegel anjing
sagala, aya anjing timana” (bari nyentak)
Jasim :
“Ah, mangsa bodo ari teu beunang dielingan mah, barina oge lamun silaing geus embung
mah ngangon meri, mending mantog bae ka indung silaing”
Emed :
“Heug, da memang Emed rek mantog! (bari
hanjat tisusukan), tapi kadieukeun buruhan Emed ngangon meri sajero minggu”
Jasim :
”Wah, saha nu daek muruhan, ngangon merina nu kitu patut! Nu cape mah nya
dewek-dewek keneh bae”
Emed : “Naon? Make moal muruhan sagala,
ds Emed msh lain adi maneh!” (bari
muncereng)
Jasim : “Memang moal muruhan! Ku dibere
barang lebok sore-isuk oge geus untung!”
Emed :
“Heueuh, apan maneh nu nitah ngangon meri ka Emed sarta jangji rek muruhan oge”
(bari merong kana beungeut Si Jasim)
Jasim : “Is, dewek mah daek soteh muruhan
ari ngangonna eucreug. Deuleu!”
Emed : “Jadi maneh teh keukeuh moal
muruhan?”
Jasim : “Moal! Jor ayeuna mah silaing geura
mantog!”
Barang si Emed ngadenge kekecapan kitu
tuluy we duaan eta garelut, nepika ka hulu si Jasim kabentur kana batu nu
lancip.
Jasim : “Aduh! Aduh! Aa....”
Emed :
“(buru-bur lumpat)Tah ayeuna mah Emed
salamet, da geus jauh ti lembur, moal kasusul najan aya nu nyusul oge”
Manehna geus datang ka Pasar baru.
Waktu harita si Emed pohoeun kana dosana, jeung kacapena urut leumpang sakitu
jauhna, da ka bangbrangkeun ku rupa-rupa barang dijero toko, jeung mapay
ningalian sakabeh toko. Sanggeus kitu manehna
ngambeu beuleum sate maranggi mani melenghir, ngalieuk mana horeng
digigireunana pisan nu dagang sate teh.
Kang Otok :
“Hanjakal lada teuing ieu sate teh ari dibeakkeun teu kuat, jeung sieun panas beuteung,
ari dipiceun lebar”
Emed : “Entong dipiceun Kang, lebar!
Anggur keur Emed!”
Kang Otok :
“Heh atuh! Sukur aya nu daek ngadahar mah, da lebar ari dipiceun mah, heug
kupatna oge mani dua”
Emed :
“Nuhun Kang, Nuhun!”
Laparna leungit ngan kari nyeuri suku urut
leuleumpangan tea. Sanggeus peuting pisan tuluy manehna ngaringkuk dina jero
dus. Tengah peuting jam 12 liwat (si emed keur ngeunah-ngeunah sare bari kerek
si Emed reuwas, ujug-ujug aya ucing lumpat diudag ku anjing asup kana dus nu
keur dipake hees ku si Emed.
Emed :
“Si bedul! Sugan teh naon, make pasea didieu, ngareureuwas!”
(bari nyokot batu jang ngabaledog anjing)
(bari nyokot batu jang ngabaledog anjing)
Belentrang...
Pa Yuu : “Kurang ajar ieu budak teh, bangsat, maling!”
Emed :
“Ampun, Tuan! Lain bangsat kuring mah Tuan!” (bari leweh ceurik, ngomongna ngadaregdeg)
Pa Yuu : “Ah, kurang ajar sia maling! Naha kaca
dipecahkeun hah bangsat!”
Emed : “Lain dihaja tuan, kuring mah rek
maledog anjing”
Pa Yuu :
“Ah, bohong! Naha sia peuting-peuting aya didieu bangsat?”
(bari nyokot hape rek nelpon ka pulisi)
(bari nyokot hape rek nelpon ka pulisi)
Teu lila pulisi
teh datang duaan.
Pulisi : “Mana bangsatna, Pa?”
Pa Yuu : “Ieu Pa!”
Pulisi :
“Maneh sorangan anu meupeuskeun kaca teh, teu mawa batur?”
Emed :
“Sumuhun Juragan, tapi sanes dihaja, da abdi mah rek maledog anjing, bet keuna
kaca toko” (bari sorangan pegat)
Pulisi :
“Hah, baruk rek maledog anjing? Aing moal percaya sabab lain sakali-dua kali
bae kajadian kieu teh, ayeuna kakara katangkap, hayu urang upas!Geura bangkol
ieu bangsat teh asupkeun ka pangberokan!”
Dina waktu dipariksa si Emed teu daek neurangkeun
timana asal-usulna. Ayeuna si emed baris dihukum nyaeta diingkahkeun ka
pangbuaian barudak di Semarang. Ku paksiran pangadilan si emed dihukumna dibui
5 taun.
Si emed geus aya di jero sel sarta
dicampurkeun jeung barudak hukuman nu rea. Loba nu ngaheureuyan jeung pada
ngaganggu, mun keur leumpang sok pada maledogan, mun keur cicing sok pada
narekean nepi ka sok ceurik. Dina hiji poe si emed keur ngosrek ngored,
ujug-ujug peletak bae aya nu maledog ku cabe beunang kana panonna.
Emed : “Aduh! Aduh!” (bari nutupan panonna)
Mandor : “Kenapa? Kenapa?” (bari nyampeurkeun)
Mandor : “Kenapa menangis? Kenapa menangis?”
Emed : “Aduh peurih! Aduh peurih!”
Mandor : “Ah, gila anak ini menangis tidak karuan!”
Emed : “Aduh peurih! Panon aya nu maledog
ku cabe!”
Mandor : “Apa cape? Cape? (bari molotot ) Kalau makan tidak cape ya? Kerja memang cape!”
Barudak anu sejenna kalahkah
seseurian, mandor teh beuki we ngambek.
Mandor : “Ayo setan, kerja semua! Jangan ketawa! (bari ngulang iteuk hoena)
Mandor : “Ayo kerja ! jangan menangis saja!” (ka si emed bari neunggeul kana bujurna)
Jam
12 tengah poe, tuluy daladaharan. Hadena di antara barudak hukuman aya saurang
anu karunyaeun ka si Emed sarta kabeneran bisaeun basa sunda, ngarana Joko.
Joko :
“Ku naon silaing teh make ceurik Med?”
Emed :
“Panon dewek peurih, tadi aya nu maledog make cabe”
Joko :
“Naha atuh teu dibejakeun ka mandor? Saha nu maledogna?”
Emed :
“Teu nyaho nu maledogna mah. Ari bebeja ka mandor, Emed kalah diambekkan”
Joko :
“Ah hanjakal kuring teu milu digawe di
kebon cabe. Emed ari panon maneh geus di kumbah
acan?”
Emed : “Tacan Joko da euweuh caina oge”
Joko : “Engke atuh dagoan kuring rek neangan cai heula”
Emed : “Heug atuh nuhun Joko”
Heuleut sawatara
menit Si Joko geus datang bari mawa cai sagelas.
Joko :
“Yeuh med, ieu caina geura kumbah panon maneh teh ulah digisik bae bisi engke panon maneh beureum
jeung bisi panon maneh katuluyan nyeri”
Emed : “Enya atuh Joko,dagoannya Emed rek ngumbah panon heula”
(kaluar ti elos)
(kaluar ti elos)
Joko : “Enya”
Sanggeus
panon Emed beresih sarta geus teu pati
peurih Emed tuluy abus deui ka elos.
Joko : “Emed emed ari maneh maling
naon matak maneh di hukum teh?”
Emed : “Kuring? Kuring mah teu maling
nanaon”
Joko :
“Ah maenya, Med. Ari maneh teu maling nanaon mah naha maneh bet bisa aya di
dieu. Geus lah teu kudu era ngaku kana dosa sorangan da kabeh nu araya di dieu oge budak jarahat
wungkul. Kuring oge da budak jahat. Di
Cimahi kuring pang dipikarisi ku barudak sarta diteteangan ku kolot kolot”
Emed : “Naha Joko? Kumaha kitu kajahatan
maneh teh?”
Joko :
“Ah moal dicaritakeun ku kuring mah da maneh oge teu mere beja naon dosa anu
geus dilakukeun ku maneh”
Emed :
“Kuring mah boga dosa tapi lain dosa maling. Kuring mah boga dosa ka indung
kuring. Kuring teh basangkal ka kolot sarta geus nganiaya baturna datang ka
cilaka . Tah pas ti dinya kuring kabur ka dayeuh disangka ngabongkar toko
Bongbay tuluy kuring ditangkep. Ari dosa maneh naon atuh Joko?”
Joko : “Ah engke weh peuting ku kuring
dicaritakeun”
Saanggeusna
dalahar, barudak hukuman tingrariung di elos. Emed jeung Joko misah ti karamean
eta.
Joko :
“Emed dosa maneh mah teu sajurueun dosa
kuring. Kuring mah geus ngalakukeun dosa besar”
Emed : “Naha naon kitu dosa anu geus
dilakukeun maneh teh?”
Joko : “Kuring teh pernah maling duit kolot, maling
barang tatangga, ngiluan judi maen kartu
domino, kuring oge pernah rek maehan babaturan maen judi kuring make peso. Tuluy
kuring teh dilaporkeun ku mang kuring lantaran kuring teh geus maling iketna Mang
kuring. Tah Emed sakitu dosa nu geus dilakukeun ku kuring teh.
Emed : “Ari ayeuna kumaha kalakuan maneh?”
Joko
: “Kuring mah ayeuna
moal deui ngalakukeun kajahatan sabab geus karasa, jaba ti lara teh jeung
wirang deuih”
Sanggeus
tilu taun Si Emed Ngalakonan hukumanana, kalakuanana jadi robah,awakna jadi
seseg besekel. Babaturanana oge ayeuna geus tara aya nu daekan ngaheureuyan
atawa ngaganggu Emed. Emed jeung Joko diajar ngeunaan patukangan nurutkeun
satopek-satopekna.
Emed : “Joko ari maneh resep kana pagawean
naon?”
Joko : “Lamun kuring mah resep kana
pagawean beusi, manday”
Emed :
“Ih geuning sarua siga kuring. Kuring oge resep kana pagawean manday. kuring
mah resep pas meuleum besi warnana teh jadi beureum burahay sarta kuring mah
resep pas meupeuhkeun eta besi bari di lagukeun kawas nu tatalu”
Joko : “Tah bener Emed kuring ge sarua
resep”
Emed
Jeung Joko ayeuna geus pinter ngajieun barang tina beusi.Mandor nu aya di
Gesticht nyaaheun ka Emed. Kalakuan Joko geus tilu taun teu robah keneh. Umurna
geus jejeg. 18 taun manehna tereh dikaluarkeun ti Gesticht.
Direktur : “Joko engke maneh datang ka kantor
kuringnya”
Joko : “Enya, Pak”
Emed : “Joko naha maneh dititah datang ka
kantorna tuan direktur?”
Joko
: “Teu nyaho kuring oge
rarasaan minggu-minggu ieu mah kuring teu boga dosa?”
Emed :
“Boa-boa perkara pas maneh nampiling Si Umar kitunya med?”
Joko :
“Ih kapan pas harita kuring dihukum diengkekeun tuluy disetrap sapeupeuting teu
meunang kejo-kejo acan, jadi ayeuna mah geus teu boga hutang”
Emed :
“Heueuh nya bener Joko. Geus ayeuna mah maneh indit heula ka kantor Tuan
Direktur. Engke bejaan kuring mun aya nanaonnya”
Si
Joko indit ka kantor Tuan Direktur. Heuleut sawatara si Joko geus datang deui, tuluy
nyampeurkeun ka Si Emed.
Emed : “Aya naon Joko?”
Joko : “Umur kuring geus dalapan welas
taun” (seuri)
Emed : “Ari geus kitu?”
Joko :
“Kuring rek kaluar ti Gesticht. Kuring bakal balik deui ka lembur. Kuring oge dibere
duit ku Tuan Direktur”
Emed : “Duit naon eta teh euy?”
Joko : “Ieu teh duit peresenan digawe
sajero opat taun”
Emed :
“Ehm euy untung atuhnya maneh bisa panggih jeung indung bapa deui. Tapi kuring
bakalan moal betah mun maneh ninggalkeun kuring. Engke mun maneh ninggalkeun
kuring mun aya nu ngaheureuyan kuring moal
aya nu ngabela kuring deui”
Joko :
“Enya emed kuring oge teu betah rek ninggalkeun maneh teh, tapi da rek kumaha
deui, kuring oge da sono pisan ka kolot kuring”
Emed :
“Enya ayeuna mah urang silih doakeun weh nya. Ari maneh isuk rek indit jam
sabaraha?” (ceurik )
Joko : “Subuh-subuh muru kereta jam 5”
Emed :
“Ah kacida bungahna mun kuring oge bareng kaluar jeung maneh ti Gesticht”
Joko : “Heueuh hanjakal euy! Med ari maneh wani?”
Emed : “Wani naon?”
Joko :
“Engke weh pas peuting urang badamikeun (bari
ngaharewos) ayeuna maneh
cicing-cicing bae ,ulah rea omong, bisi kadenge ku babaturan”
Beurang
geus maju ka peuting babaturan Joko jeung Emed geus pada harees tibra
Joko : “Med ari maneh wani kabur ti dieu?
(bari ngaharewos )
Emed : “Hah. Naon, minggat? kabur kamana?”
Joko : “Heueuh kabur jeung kuring ka
Bandung”
Emed :
“Kumaha carana? Apan hese rek kaluar ti dieu teh. Diunggal lawing dijagaan, jeung
deui kuring mah moal bisa nepi ka bandung da teu boga ongkos keur kana kareta”
Joko : “Ah eta mah gampang. Ayeunamah
maneh wani teu?”
Emed :
“Ah sakumaha niatna, sakumaha wanina kuring mah moal bisa kaluar ti ieu tempat”
Joko
: “Is.. is.. bodo maneh mah asal maneh
niat jeung wani minggat kuring tangtu bisa nyalametkeun maneh”
Emed : “Kumaha carana?”
Joko :
“Tadi kuring geus carita ka tuan direktur. Kuring bakal indit ka setatsiun satengah
lima subuh. Kuring indit kaluar ti ieu tempat teh bari manggul gulungan samak
jeung guguling”
Emed : “Ari geus kitu?”
Joko :
“Engke maneh digulung ku samak, tuluy engke ku dewek dipanggul ka setatsiun mun
masalah karcis mah tong sieun”
Emed :
“Kumaha mun kanyahoan ku mandor nu nganteurkeun maneh ka setatsiun? Engke bakal
cilaka. Engke maneh jeung kuring tangtu bakal meunang hukuman”
Joko : “Ah moal Emed”
Emed : “Heug atuh ari kira-kira pikasalemeteun
mah kuring nurut bae”
Sapeupeuting
Joko jeung Emed teu daraekeun hees. Neng-neng –neng loceng jam opat disada.
Joko :
“Emed maneh sok abus ka ieu samak engke ku kuring digulung samakna”
Emed : “Enya”
Jam
setengah lima panceg datang mandor anu rek
nganteurkeun Joko ka Setatsiun.
Mandor : “Maneh geus siap acan?”
Emed :
“Atos pak. Hayu atuh geuwat ayeuna urang indit bisi engke katinggaleun kareta”
Emed : “Enya pak”
Si
Joko kaluar ti Gesticht bari manggul
gulungan samak. Pas nepi di setatsiun manehna sasalaman jeung mandor.
Joko :
“Pak hampuranya lamun kuring pas di penjara teh sok nyusahkeun wae bapak jeung
pernah ngalakukeun kasalahan ka bapak.
Nuhunnya Pak,bapak tos ngajajapkeun abdi ka setatsion”
Mandor :
“Enya sami-sami. Kubapak di doakeun sing salamet jeung ulah ngalakukeun deui
kajahatan”
Joko
meuli karcis 2. Sanggeus meunang karcis manehna naek kana kareta bari manggul
gulungan samak tea. Lantaran harita dina dareksi poek keneh jeung teu acan aya
jelema, gancang emed muka gulungan samakna.
Emed : “Aduh ieu awak kuring geus teu
puguh rarasaan”
Joko : “Ayeuna mah geus salamet euy” (bari nepak kana punduk Si Emed)
Emed : “Alhamdulillah! Salamet!”
Teu
kungsi lila dareksi teh pinuh ku panumpang nu rek nyaraba.
Emed : “Pileuleuyan Samarang!”
Joko : “Muga-muga Saumur hirup ulah
kasorang deui”
Emed :
(ngahuleung bae)
Joko :
(heheotan, bari hahariringan)
Joko :
“Kunaon silaing teh Emed, meuni ngalamun bae. Teu rame ah”
Emed :
“Teu nanaon, ngan hate teh teu paruguh”
Joko :
“Borangan sia mah, sieun diasupkeun ka Gesticht deui nya”
Emed :
“Lain kitu, ditangkep mah mending ceuk dewek mah. Tibatan ayeuna, asa teu
paruguh hate rek balik ka lembur teh. Silaing ge nyaho yen dewek teh boga dosa”
Joko :
“Ah eta mah kumaha behna bae. Atawa geus we silaing tong balik ka lembur, ngilu
urang ka lembur, urang kuli-kuli manday”
-si
Emed ngan imut bae, kareta teh jalan-
Teuing
kunaon sababna, kareta teh teu paruguh. Kabeh panumpang jejeritan
Emed :
“Aduh sia. Joko! Silaing teu nanaon Joko? Joko..
Ya Allah Gusti! Kutan si Joko teh maot? Joko tengteuingeun maneh ninggalkeun dewek sorangan. Gusti! Joko!”
Ya Allah Gusti! Kutan si Joko teh maot? Joko tengteuingeun maneh ninggalkeun dewek sorangan. Gusti! Joko!”
Saeunggeusna Emed kaluar ti Rumah Sakit
Emed :
“Kamana deui dewek indit. Ka Bandung deui we, wayahna wae nikreuh da teu boga
sapeser-peser acan duit teh. Mana deui lapar pisan deuih ayeuna teh. Nalangsa
teung hirup dewek ayeuna.. (diuk sisi
jalan)
Ti batan saumur hirup ngan ngalakonan kasangsaraan, nya leuwih hade paeh bae. Da percumah, teu bisa ngamumule indung, teu bisa ngalebur tapak. Balik ka lembur oge rek naon, tangtu ditangkep”
Ti batan saumur hirup ngan ngalakonan kasangsaraan, nya leuwih hade paeh bae. Da percumah, teu bisa ngamumule indung, teu bisa ngalebur tapak. Balik ka lembur oge rek naon, tangtu ditangkep”
ningali
hayam mawa kueh bibika, tuluy diheureuykeun
Pa Halim : “Ku naon maneh teh jang, make
ngudag-ngudag hayam?”
Emed :
“Puguh we Mang da kuring teh lapar pisan”
Pa Halim : “Naha urang mana maneh teh jang?”
Emed :
“Urang gunung, ka dieu rek neangan pakulian ngan teu bebenangan bae. Ari bekel
jeung ongkos geus seep ti heula”
Pa Halim :
“Karunya teuing, geus we atuh ngilu ka Emang, dagang bajigur. Jadi inget ka
diri sorangan baheula, sok pohara atohna ari aya nu ngajeujeuhkeun teh”
Emed : “Mangga atuh mun kitu mah”
Emed keur dagang bajigur, ngaliwatan
bengkel
Emed : “Kang punten, saurna nuju milarian
kuli manday”
Kang Ule :
“Enya, nuju mepet pisan ieu teh, ari maneh rek ngalamar gawe? Mun bisa mah isuk
geura gawe di dieu”
Emed : “Alhamdulillah.. hatur nuhun Kang”
Kang Ule : “Sami-sami”
Emed geuwat bebeja ka Pa Halim
Emed :
“Pa alhamdulillah ayeuna sim kuring geus boga pagawean nu dipikahayang. Isuk rek
mimiti digawe di bengkel Kang Ule”
Pa Halim :
“Nya sukur bae. Sok ayeuna maneh teh geus meunang pagawean au geus pas, sing
getol digawe téh”
Emed
rajin nabung
Emed :
“Wah geuningan duit dewek teh geus loba. Leuh, tara teuing bungahna mun Ema
dikiriman duit sakieu lobana. Mati-matian, aing moal panasaran deui ari geus
bisa ngabungahkeun ka indung sarta geus boga duit loba ladang kesang sorangan”
Emed
balik ka lemburna
Emed :
“Papakean? geus, kadaharan? Geus ranggem kieu. Bismillah..
Punten!”
Punten!”
Mang Ceceh :
“Mangga, aya peryogi naonnya?”
Emed :
“Sim kuring teh ti dayeuh, kadieu rek milarian Ambu Emed, naha di dieu keneh
kitu?”
Mang Ceceh :
“Euh, atuh Ambu Emed mah geus lami ngalih ka rorompok Tua Kampung, ngangon
bubujang saurna mah”
Emed :
“Ari Emedna teh aya keneh?”
Mang Ceceh :
“Duka, ngan saurna mah kabur lantaran pasea jeung baturna”
Emed :
“Ari budak anu dipaseaanana teu kumaha-kumaha?”
Mang Ceceh :
“Ah henteu, ngan bohak dina sirahna da saminggu ge cageur”
Emed :
“Hahhh rada tenang ayeuna mah. Punten atuh Mang!”
Mang Ceceh :
“Mangga Cep”
Ngaleos ka imah Tua Kampung
Emed :
“Punten!”
Tua Kampung : “Saha eta teh bet
pupuntenan”
Emed :
“Sim kuring ti dayeuh, kadieu rek milarian Ambu Emed”
Tua Kampung : “Oh enya aya, keur naheur
cai di dapur. Ambu Emed! Kadieu sakedap, aya nu
milarian ti dayeuh”
Indung Emed : “Ti dayeuh? Saha?”
Emed : “Ema cing sing teges ningali ka
kuring! Ema! Apan kuring teh budak Ema nu kacida
bahulana nu kabur tea!”
Ema Emed :
“Aduh Gusti! Ieu teh si Emed! Timana wae sia teh, meuni tega ninggalkeun indung
sorangan”
Emed :
“Hampura! Emed tobat Ema! Rumasa kuring teh gede dosa, sing dihampura Ma.
Kuring moal nyusahkeun Ema deui! Hampura Ema!”
(careurik)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar